Play Group - Raudhatul Athfal (RA) - Diniyah Takmiliyah Awaliyah (DTA) - Majlis Ta'lim PERMATA

5/07/2013

Pepeling


NAZHOM
ISTIGHFAR DAN MUHASABAH
Oleh : KH.A.Musta’in Zarkasyi


1
2

Abdi atos maca dina ayat suci
Sadayana makhluq eta bakal mati
Nyawa bakal leupas tina diri abdi
Pisah raga badan sareng anak istri
Pisah raga badan sareng kulawargi


Dulur sarerea ukur nyeungceurikan
Sabab poe eta bakal perpisahan
Anak istri salaki teu bisa nahan
Harta sareng banda oge kapangkatan
Dulur jeung baraya teu bisa nulungan
3
4

Abdi tos ngajepat cicing teu engapan
Baju sareng perhiasan dibukaan
Sabab raga abdi bade dimandian
Tos dibersihan dibungkus ku kafan
Sadayana ngadeg bade nyarolatan


Abdi dipindahkeun teras diasupkeun
Kana kurung batang abdi dijepatkeun
Rurub kurung batang tuluy ditutupkeun
Teras digarotong bade dianteurkeun
Ka galian kubur nu tos disiapkeun
5
6

Abdi di asupkeun kana pakuburan
Tuluy digolerkeun na sengkeredongan
Abdi jejeritan taya nu nembalan
Kalah di padungan terus di urugan
Bari di tincakan bari di padetan
                                                                                                                                   

Palapah kamboja teras ditancebkeun
Diluhureun kubur abdi dipelakeun
Batu nisan lebah sirah jeung tunjangeun
Cai dikucurkeun kembang diawurkeun
Abdi nu dikubur ukur ningalikeun
7
8

Eungap sareng poek mimiti karasa
Hoyong ningal curuk oge henteu bisa
Kesang ngucur panas na luar biasa
Hareudang bayeungyang ku abdi karasa
Kaduhung hanjakal kakarak rumasa


Diluhur kakuping beres nu nalkinan
Anu eusina kamayit mapatahan
Diakhiran du`a bari di aminan
Sadaya ninggalkeun ka abdi sorangan
Dulur jeung baraya henteu ngarencangan
9
10

Keu`eung sareng sieun mimiti karasa
Sabab waktu hirup loba nyieun dosa
Sombong jeung bedegong ka pada manusa
Ngupat kaawonan dianggap biasa
Laku lampah salah asa henteu dosa


Duh gusti nu agung abdi seja tobat
Mugi tebih tina dosa jeung maksiat
Hoyong dipasihan ilmu nu manfaat
Abdi ngaharepkeun hirup kenging rohmat
Salamet didunia sareng diakherat