NAZHOM
ISTIGHFAR DAN MUHASABAH
Oleh : KH.A.Musta’in
Zarkasyi
|
1
|
2
|
|
Abdi atos
maca dina ayat suci
Sadayana
makhluq eta bakal mati
Nyawa bakal
leupas tina diri abdi
Pisah raga
badan sareng anak istri
Pisah raga
badan sareng kulawargi
|
Dulur
sarerea ukur nyeungceurikan
Sabab poe
eta bakal perpisahan
Anak istri
salaki teu bisa nahan
Harta
sareng banda oge kapangkatan
Dulur jeung
baraya teu bisa nulungan
|
|
3
|
4
|
|
Abdi tos
ngajepat cicing teu engapan
Baju sareng
perhiasan dibukaan
Sabab raga
abdi bade dimandian
Tos
dibersihan dibungkus ku kafan
Sadayana
ngadeg bade nyarolatan
|
Abdi
dipindahkeun teras diasupkeun
Kana kurung
batang abdi dijepatkeun
Rurub
kurung batang tuluy ditutupkeun
Teras
digarotong bade dianteurkeun
Ka galian
kubur nu tos disiapkeun
|
|
5
|
6
|
|
Abdi di
asupkeun kana pakuburan
Tuluy
digolerkeun na sengkeredongan
Abdi
jejeritan taya nu nembalan
Kalah di
padungan terus di urugan
Bari di
tincakan bari di padetan
|
Palapah
kamboja teras ditancebkeun
Diluhureun
kubur abdi dipelakeun
Batu nisan
lebah sirah jeung tunjangeun
Cai dikucurkeun
kembang diawurkeun
Abdi nu
dikubur ukur ningalikeun
|
|
7
|
8
|
|
Eungap
sareng poek mimiti karasa
Hoyong
ningal curuk oge henteu bisa
Kesang
ngucur panas na luar biasa
Hareudang
bayeungyang ku abdi karasa
Kaduhung hanjakal
kakarak rumasa
|
Diluhur
kakuping beres nu nalkinan
Anu eusina
kamayit mapatahan
Diakhiran
du`a bari di aminan
Sadaya
ninggalkeun ka abdi sorangan
Dulur jeung
baraya henteu ngarencangan
|
|
9
|
10
|
|
Keu`eung
sareng sieun mimiti karasa
Sabab waktu
hirup loba nyieun dosa
Sombong
jeung bedegong ka pada manusa
Ngupat
kaawonan dianggap biasa
Laku lampah
salah asa henteu dosa
|
Duh gusti
nu agung abdi seja tobat
Mugi tebih
tina dosa jeung maksiat
Hoyong
dipasihan ilmu nu manfaat
Abdi
ngaharepkeun hirup kenging rohmat
Salamet
didunia sareng diakherat
|
Tidak ada komentar:
Posting Komentar